Basa Sunda bisi Hilap (kanggo nu nuju ngumbara)

Punten da ieu teh kenging kupipes deui wae tina milis. Nu kagungan carios, nyuhunkeun idin nya ku abdi kupipes didieu.

AngkotTeu di Bandung teu diTasik, teu di Garut boa ketang di Batam mah beda…. eta kalakuan kenek angkot dimana wae lamun jojorowokan nawarkeun jurusan angkotna atawa nanyakeun nu erek turun atawa eureun ka panumpang sakapeungmah matak piambeukeun, pikabingungeun anu kakara tapi lamun geus apal mah sok hayang seuri, geura reungeukeun :di Bandung : “Gede….. Panjang……Gede…..Panjang……!!”

kade…lain keur promosi obat taeun nu ayeuna keur meuweuh atawa promosi sabangsa ma erot, tapi nawarkeun rute angkot jurusan Gedebage Leuwi panjang….!

“Aceh……Merdeka……Aceh…….Merdeka……!!” jojorowokan sataker kebek najan hareupeun tangtara atawa pulisi oge moal nepi ka di tewek da di Bandung mah geus arapaleun lamun kenek eta nawarkeun angkot jurusan Cicaheum Kebon kalapa ngan rutena ngaliwatan jalan merdeka jeung jalan aceh

“Binatang…..ada turun…..? ibu……bapa…..binatang……!” tong waka ambek disebut kitu teh, si kenek nanyakeun bisi aya nu turun di kebon binatang di jalan taman sari anu kaliwatan ku angkot

Eta di Tasik mah kieu jorowok na teh “sila…….sila…..hiji deui…!!” lamun seug ninggang ka jalma nu anyar ulin ka Tasik mah bakal ho’okeun ngadeng jorowok kenek anu ngagantung na lawang panto, rek teu kitu kumaha atuh….sakitu katingali metetna bet anu dijero oge diaradu tu’ur ari jojorowokan sila……sila…hiji deui…….?

padahal manehna teh nawarkeun jurusan ka pancasila

Ari di Garut mah karunya ka anu ngarana DANA, kade nya bisi aya baraya anu ngarana dana tong waka ambek jeung kasigeung lamun ngadenge jorowok kenek angkot “DANA EGANG….DANA EGANG……….” eta teh lain moyokan dana pedah leumpangna egang tapi nawarkeun angkot jurusan Sukadana-Sukaregang Naek angkot di Bandung deui: Jorowok kenek ngajorowok…..Supratman… jrut turun panumpang lalaki tengah tuwuh..

Jorowok deui….Raja mantri….jrut Mang Jamal turun…

Rengganis…..jrut Neng Nia turun Teuku Umar….jrut deui lalaki turun… Na ari celengkeung teh….urang batak ngajorowok… “aku Rajagukguk tak dipanggil-panggil jadi bila awak turun bah! ”

Basa Inggris

Bu Lia teh guru basa Inggris anu katelah the killer ceuk barudak mah. Barudak awewe mah biasana balageur, beda jeung barudak lalaki nu borokokok. Unggal bade rengse palajaran, anjeuna sok ngetest murid muridna.

Poe kahiji: Ayeuna ibu rek ngetest maraneh ihwal irregular verb, anu bisa ngajawab bener, meunang balik ti heula ! “, saur ibu guru Lia.

“Anu teu bisa, nangtung di hareup nepi ka ibu kaluar ti kantor ! “, si ibu teh ngancem.

“Fitha, sok se! butkeun contohna irregular verb !”, ibu guru Lia naros. “Bring – brought – brought, hartosna nyandak” “Alus….

Cikan Yogi ! Tong heureuy bae !”, si Yogi katelah tukang heureuy. “Dag

– dig – dug, hartosna abdi teu acan ngadamel PR”. “Nangtung dihareup !

Dadan ! “Brang – breng – brong, hartosna emak ngambek di dapur alatan teu gaduh beas” “Nangtung dihareup! Dikdik ! “Begang – begeng – begung, hartosna siga awak Datuk Maringgih ” “Nangtung dihareup! Yusuf ! “Dar – der – dor, hartosna perang di Irak jeung Palestina”.

“Nangtung dihareup! Mahmud ! “Pak – pik – pek, hartosna abdi beberes di bumi “. “Bohong maneh mah tara beberes .Nangtung dihareup! Endang !

“Blag – blig – blug, hartosna si Atun diajar leumpang “. “Nangtung dihareup! Nandang ! “Brak – brik – brek, hartosna awut-awutan.

“Nangtung dihareup! Naddy! “Plak – plek – plok, hartosna bararahe”.

“Masingna ase rehe at! uh! Nangtung dihareup! Epul ! “Cas – cis – cus , hartosna nyarioskeun batur “. “Nangtung dihareup! Kabeh baralegug!

Doddy ! ” Si Doddy teh budak nu geumpeuran, titatadi geus ngahodhod sieuneun ditanya. Ayeuna ditanya pisan ku bu Lia. Bakating ku geumpeur, ari seduuut …. teh hitut “Brat – bret – brot nyah!?, saur ibu Lia mayunan : ” Kaluar kabeh! “, ibu Lia bendu.

57 Balesan

  1. Ha ha ha, lucu.
    Toas lami teu ngadangukeun nu kieu.

  2. hahahahahaha … *nyakakak bari gulang-guling nyekelan patuangan*

    asik euy … pokona mah heureuy poreper … 🙂

  3. punteennn ngiring ngalangkung ah …:P

  4. Baraya, hatur nuhun pisan banyolanna katami lajeng seuri sorangan di lembur batur dugi kacirambayan, maklum ngantukeun Bandung tahun 1980 ka Borneo teras ayeuna nuju linggih di daratan anu paling utara, hammerfest-Norwegia.
    Punteun abdimah kirang tiasa nyerat, diantos pisan anu sanesna.
    Hatur nuhun,
    DD

  5. beu….kacida nya….

  6. hmmm….sae pisan …hayu urang ngamumule basa sunda

  7. gak komen ah…

  8. hahahaha
    bodor pisan!
    aya nu sejen eweuh? hayang ngadengekeun deui yeuh.

  9. komo upami di Garut mah, Jurusan angkot 01 (Sukaregang) upami 02 (Sukadana) silih gorowok neangan penumpang jadi lucu : Dana…Dana… (sukadana)
    Regang….Regang (sukaregang) mun geus kalilaan mah jadi Dana…Egang…, Dana…Egang, Dana…Egang….!!!

  10. aduh nyeuri kulit padaharan seuseurian sorangan
    ari kenek angkot cianjur kumaha ?

  11. Hahhahhahahah,,,astagfirullahaladzim,,, teu kuat,,,cakakak,cikikik, akey akeyan,,, aduh ampun,,, nuhuhun,,,

  12. mmmm ngiring nyengir ah

  13. Ha ha ha….

  14. hayang ngompollllll… tos lami teu ngaos nu kararieu =P

  15. heuheuy deuh, kuhoyong kenal sareng neng liza di Ciparay, akang oge bade mudik ka Ciparay, tiasa tepang teu, seer picariosen sabuderen bahasa sunda kanggo di Jakarta, bilih kataji akan gaduh encana nerbitken majalah sunda di Jakarta, mangga diantos seratana.

  16. alus pisan bodorna ……..

  17. hahahahahahaha.
    bodor pisan basa sunda teh.
    bodor pisan laaaahh..

    hayu atuh, aya deui, te aya??

    hidup orang sundaaa!!!!

  18. kokonamalah nyalarengir weh…sok lajeung keun ngarah awet muda ha….ha…..ha….crooott….crooott

  19. ari di ci anjurmah aya pasir hayam, ceuk kenek teh “hayam abis, hayam abis—- burudul nu ngarasa jadi hayam tarurun tina angkot”.
    di sukabumi aya ci badak, ceuk kenek “badak, badak, badak—– pak badak pak—- terekel si bapak nu ngarasa jadi badak naek angkot”.

  20. hehehehehehehehhhh……….*dugi ka nyeri patuangan kieu ieu seuri*
    bodor pisan! lucu abis! keren! 😀

  21. hehehehehehehehhhh……….*dugi ka nyeri patuangan kieu ieu seuri*
    bodor pisan! 😀

  22. seueur pisan nya irregular verb dina basa sunda teh. lucu pisan.he……he………..!?

  23. Upami bahasa inggrisna salaki pamajikan pasea?
    brang-breng-brong, sanes kitu?
    geus teu cageur deui wae, dasar urang sunda.

  24. Asa kirang lucu nu ieu mah. Tapi hatur nuhun ah…

  25. hahaha… hihihi…hahahahahahha

  26. bahasa sunda jangan sampe hilang
    USA….:URANG SUNDA ASLI

  27. bagja -bagja abah mak jarek ayeuna aya nu lucu deu .hahahahahahahahahahahahahahahaaaaaaaaah

  28. hahaha….bodor euy….aing seuri sorangan….. aya nu lain teu?

  29. wilujeng sumping abdi bade nilu ah……….

  30. wah…seru pisan euy….
    sok atuh nyarieun deui!!!
    kuring ayeuna keur di jogja asa sono pisan kana basa sunda teh euy…
    hayu atuh cuang ngamumule basa urang!!!

  31. whuaha..ha..hah …hahah …wuahah..hah..!!!! Uhuk …uhuk…!!! Eueueueueu…!!!

  32. Aya deui mang, lamun naek angkot ti stasion atanapi ti leuwi panjang, mobil tos pinuh oge “..mahi..mahi..mahi..”

    he..he.. carita nu kadua bodor ode euy..

  33. gelo..gelo.. rame eung

  34. Wakakakakakaka. . Huahahahahahahaha. .Edun yakin. .Agagagagagaga. .Haruh aing tngka nyeri bteung remby ci mata. .Bkating ku ngenah seuri. .Agagagagagagaga . Hatur nuhun ah . Barakatakakakakakakaka

  35. Heueuheu..
    Sae pisannn…. gogonjakan,…na
    nuhun…

  36. Asmukum, Pak,Bu
    punten aahhhhhhhhhh, ngiringan abi hoyang tiasa nyarios bahasa sunda anu lemes kumaha?
    sigana rame ngiring ngabidor sarang urang Bandung

  37. Asmukum, Pak,Bu
    punten aahhhhhhhhhh, ngiringan abi hoyang tiasa nyarios bahasa sunda anu lemes kumaha?
    sigana rame ngiring ngabodor sarang urang Bandung

  38. Lumayan rame ngadangun cerita kenek angkot
    abi kalah kawas jalmi naon seserian nyalira,

  39. ieu mah sigana pangalaman pribadi. mana deui atuh bobodorana

  40. salam kanggo robi sakulawargi

  41. hahhahahahah lucu2 humornya lumayan buat belajar basa sunda hihihihi

  42. hahahaha…meni car – cir – cer macana kalaluar ci panon sareng ai nu laina..hahaha..ka jamban heula ah teu kuat..hoyong ngompol..hahahahaha

  43. ah… nuhun pisan…hoyong tiasa nyarios basa sunda…

  44. haduh ramè ogè nya. hapunten nembe teurang ayeuna

  45. aduuuuh….lami teu maca bahasa sunda komo nu aya piseurieun..pas mendak ..aduuuh ieu mani nyeuri beutung ..ceuceuleutteukan sorangan….dasar orang sunda beuki heureuy….

    lataran iseng milarian nu pikaseurieun bet pendak didieu..nuhun aaah…

  46. gak.gak.gaj.gak.

    teu kuat, nyeri butueng ngadenge eta,.

    kiki.kik.kikk.

  47. sae pisan…

  48. lucu pisan nya…..!

  49. Dat dit dut ku Ibu Lia di waler dugi ka sadaya muridna teler………….

  50. he..he.. lucu muhun..tos lami pisan…kacipta lah…

  51. lucu… pisan meni janten kahibur, abdi nu nuju ngmbara, sing seur ah…. caritana deui ….. atuh

  52. lutcu pisan euy,abdi kahibur nu carita di luhur tambah duie atuh ceritana cozz sing suer nyaaaaaaaa ceritana tos sing lucu

  53. bodor euy, lucu pisan…ayak-ayak wae….eh ayak kamus bahasa sunda di kamusmania.com

  54. lucu euy..!!!

  55. yg ga ngerti basa sunda bisa cek di sini, bahasa sunda

  56. Reblogged this on Cikopi Sunda.

  57. Gede panjang! gede panjang (gede bage leuwi panjang )

Waler Dimashusna Bolaykeun waleran