Siope

Baheula keur budak, remen ngadenge kecap “siope”, nu dina basa Indonesia mah asa rada sarua jeung kerja bakti. Siope diayakeun meh sabulan sakali, ti mimiti keur meresihan kamalir, meresihan jalan ka cai (paragi mandi babarengan) nepi ka nu rada gede nyieun jalan kampung upamana.
Siope ieu sipat na wajib keur sakabeh warga, mun teu bisa datang [...]

Reinkarnasi

Bieu, basa keur nyimpen sepeda di parkiran bank, kuring panggih jeung kapala sakola Aiko, nu karek kaluar ti bank tur rek ka sakola make sapeda. Ras inget poe sejen, harita rada girimis, panggih oge, ngan harita mah anjeunna kana mobil. Jadi keur anjeunna, boga mobil leuwih keur fungsina lain keur gaya.
Pirajeuneun nempo di [...]