Punten abdi teu terang saha nu nyerat ieu. Kenging ti milis internal. Nyuhunkeun widi ka nu nyerat diposting didieu nya.
Aya vampir tiluan keur ngumpul di gunung rek ngadu jajaten.
Nu pangkolotna ngomong, “Tungguan sakeudeung …” belesat! ngapung.
DUA MENIT geus balik deui bari sungutna getih wungkul
“Kaciri lembur itu?”, ceuk manehna bari nunjuk ka lebah kenca.
“ Enya ..” ceuk nu duaan deui
“Ku aing kabeh jelema di dinya beak getihna disedot”
Giliran nu kadua, “Dewekeun …”, belesat! leungit saharita
SATENGAH MENIT geus mucunghul deui bari sungutna jeung irungna pinuh ku
getih
“Kaciri kota nu itu?”, ceuk manehna bari nunjuk ka lebah katuhu.
“Enya ..” ceuk nu duaan deui
“Ku dewek saat kabeh getihna disedot”
Nu pang ngorana teu loba omong, ngabelesat leungit saharita!
LIMA DETIK! geus datang bari getih ngucur keneh tina beunguetna
“Kaciri tihang listrik nu itu?” ceuk manehna bari nunjuk ka tengah
” Enya ..” ceuk nu duaan deui
“Ku uing bieu teu kaciri…!”
Diberkaskeun dina: Heureuy
wakakakak .. aduh teu kuat hayang seuri …
bener, sarua kuring ge teu kuat hayang seuri!
asa di lembur sorangan maca blog ieu. sapopoe basa inggris asa sono basa lembur. hayu urang mumule basa sunda.
Wuaaahahahahahaaaa……. gelo gelooooooo……
Nyeri beuteung teu kuat seuri…..
Sugan teh tihang listrik nu disedot getihna, ari pek teh nabrak tihang nya…
Teu nyambung tapi teu kuat hayang seuri
di kantor cengar-cengir sorangan,, da batur mah teu ngalartieun. mun d translate ka basa indonesia ge teu lucu jiga basa sunda na hahahahah….
Aink teu kuat hayang seuri,kukuring di doakeun nu boga carita ieu cing katampi amal ibadahna gues nyageurkeun kasono kuring nu hayang balik ka bandung……..ti kalimantan timur
Hehehheheh sae pisan
Wakakakaka…
Hade pisan lah….
POL
ieu carita lucu pisan teu kuat nahan seuri sanajan sorangan, cing neangan deui anu leuwih lucu
Aduh punten, tos sepuh ge masih ngabarakatak
Huahahaha ku uing mah mun panggih jelema nunulisna rek diajak jogol.
Warakakakakakak………
Klasik… tapi masih keneh bodor…..
wakakakakakak………
aduh… lucu pisan… hatur nuhunnnnnnn
bhuaaaahaahaaaaaaaaaa….
duh maaf, saya salah masuk
(kok nyasar ke sini ya…)
Artinya dong… pada bilang lucu pisan
heueuh euy lucu pisan asa ingeut ka barudak bandung salamnya kasadayana urg sunda ti kuring di balikpapan kang meonk tea,salam oge ka barudak brother hood sareng barudak vespa ha…ha……..belekok-belekok
aduh, aku kan orang jawa. kok pake bahasa itu c… aku nyasar tadi….
tapi kata pacar aku itu lucu bangged……..=))
Ah no comment sayah mah..
nu pasti mah cai panon merebey teu kuat nahan seuri…
aya aya wae..
teu aya postingan deui
Anjing…goblog…aing era kiih na calana,teu kuat hayang seuri..beuteung beuki nyeri nahan seuri tas dahar kupat tahu lada teuing!
lucu pisan kang, wah teu kuat seuri wae hahahaha
wuaha ha ha ha 1rb x . . .
bener alus oge eta euy
aya keneh . .
kagok disebut edan lah
seuseurian sorangan
ngabejaan weh ieumah… mun maca carita ieu ulah bari nginum sprite… bakal bijil deui. aing oge dititah ngagantian monitor weh kunu boga warnet.
ciganamah vampirna nyeri beuteng.. ubarna diadukeun jeung tihang listrik…
kang ameh seueur nu nganjang klik weh dideu http://www.autosurf-floweb.net/?ref=satria dijamin halal
teu kuaaaaaaaaaaaaattttttt nyeri beuteung pisaaaaaaaannn
whuahahahaha….. nyeri kulit sapatu!!! seuri wae yeuh…………. whuahahahahah……!!!
hheu”" heu”" hheu “”
kurang seeur ah critana “”
Hayang seuri pisan.. Brakatak.. Nepika gelas pareupeus d bumi teu ka ciri da seuri teu kuat pisan.. Hahaha