Mangga diaos, kadé tipaparétot!
Kajadian basa di Sérang, jéger-jéger anu biasa mangkal di términal diserang ku pulisi Sérang, jegér-jegér ditémbakan jeger jeger… jéger ngababatang di sisi serang sawaréh berebet ngaberebet lalumpatan, bérébét-bérébét sora bedil ngabérébét jéger-jéger dibérébét ku pulisi, kapaksa kuring milu ngaberebet ngajleng ka sisi serang na galengan, perang euy…… perang euy! Tingali jukut jeung tutuwuhan séjénna pérang ka idek ku nu ngaberebet, bari ngadepong ras inget kana kerak di imah… moal paéh kitu……. da kamari téh diparaban kerak!
Diberkaskeun dina: Heureuy
diantos larapan huruf ‘a’ na dina sadaya kecap
hehehe…… hese.
nama sayah ahmad, asal jalan cagak nyaba ka jakarta mamapay jalan raya yang panjang.
coba ditambah ku eu, asana langkung lieur lin
Ha…ha…ha….
Sihoreng teh, basa sunda oge hese macana. Kuring (42) Sok ambek ka barudak ngora anu nyarita jeung babaturanana make istilah an…g, sebel. Kuring oge sebel ka budak sorangan anu teu bisa ”ngomong” make basa Sunda, lantaran gede na di Tangerang (banten). Cenah asa leuwih modern jeung pede make bahasa batawi.
Tapi,… barang kuring maca tulisan anjeun,…. serang (serbu), serang (sawah), jeung serang (kota) rada ngahuleung oge, sabab memang hese macana. Kitu oge meureunnya barudak ngora hoream make basa Sunda da hese….. meureun…
Punten ah…
aduh berebet jengkol jajahean……
eh lepatnya
euleuh-euleuh si ceuceu nuju ngaleueut peueut sareng beuleum sampeu haneut, matak geugeut meureun men teu di teureuy buleud.
euleuh-euleuh si ceuceu nuju ngaleueut peueut sareng beuleum sampeu haneut, matak geugeut meureun mun teu di teureuy buleud.
api2 guwai keti aca pedom wuy !!
kukhang guway,,,
malih !! malih !!
wah…budak ngora ayeuna mah can tangtu bisa macana ge. lebar basa sunda teu di mumule