Kenging kupipes:
Daripada rieut ku banjir, urang seuseurian we yuuu..
Jalma jujur
Jalma nu daek ngaku mun geus hitut
Jalma teu Jujur
Jalma nu hitut tuluy nyalahkeun batur
Jalma belegug
Jalma nu nahan hitut mangjam-jam lilana
Jalma nu berwawasan
Jalma nu apal iraha kuduna hitut
Jalma nu Misterius
Jalma nu hitut tapi batur euweuh nu nyahoeun
Jalma nu sok gugup
Jalma nu ujug-ujug nahan hitut mun keur hitut
Jalma nu Percaya Diri
Jalma nu yakin yen hitutna seungit
Jalma nu Sadis
Jalma nu hitut bari dibekep ku leungeun tuluy dibekepkeun
ka irung batur
Jalma nu Isinan
Jalma nu hitutna teu disada tapi ngarasa isin sorangan
Jalma nu Strategic
Lamun hitut sok bari seuri ngagak-gak meh nutupan sora hitutna
Jalma nu Bodo
Lamun geus hitut tuluy narik napas keur ngagantian hitutna nu kaluar
Jalma nu Pedit
Lamun hitut dikaluarkeun saeutik-saeutik nepi ka disada
tit..tit..tit. ..
Jalma nu Sombong
Jalma nu sok ngambeuan hitutna sorangan
Jalma nu ramah
Jalma nu sok resep ngambeuan hitut batur
Jalma nu tara gaul
Mun hitut sok bari nyumput
Jalma nu Sakti
Mun hitut bari make tanaga dalem
Jalma nu pinter
Jalma nu nyirian hitut batur
Jalma nu sial
Mun hitut kaluar jeung bukur-bukurna. ..
Note:
Kanggo anu tos maca, mangga direnungkeun ku diri nyalira
kinten-kintenna ngagaduhan sipat jalmi numana tah..?
Diberkaskeun dina: Heureuy
euleuh, meuni nyakakak euy simkuring maosna… hebatlah ide na… di link ah blohna, hatur nuhun hiburanna
dasar tukang hitut…..he3x…hidup hitut lah…
Waduhh meni ngulik, sampai ka hitut2 di kategorikeun. Heuheuy deuh mani ngeuhkeuy simkuring maosna. Nuhun ah hiburanana.
heu heu heu
kapikiran kitu nya
wilujeung ah, ek hitut heula (bari milih kriteria nu di luhur)
jalma nu someah .. hitut dibales seuri.. plus hitut..
uing mah bari maca eta teh bari hayang hitut, da seuri mani ngehkey.
hidup hitut nu …………bau!
hitut keur ngojay, kumaha hukumna?
nuhun lah aya anubisa bikin tertawa n tersenyum.panginten upami aya lomba hitut, teras di masukin direkormuri , kumaha tah, pasti tukang boled laku keras nya, ayo saha anubadejanten sponsor sareng janten raja hitut ?bersyukurlah yangmasih bisa kentut, aya anusampe di operasi gara2 teutiasa hitut.syukurilah hitutmu.ok.
Jalma anu sayentific anu jumlah hitutna diitung make rumus akar kwadrat.
Jalma anu ahli kana Biologi apal anatomi kana hitut.
Jalma tukang korupsi anu hitutna tara langsung kaluar tina awakna contona polantas kaluar hitutna tina kaos kaki, sabeulah-sabeulah.
jalma ilmiah anu hitutna tuluy diwadahan kana botol, terus dibawa ka laboratorium pikeun ditalilti jenis hitutna.
abong judulna oge teu aya damel…..hidup hitut!!!
haduuuh.
ih, ampun. meni resep pisan maosna..
kaagungan saha ieu teh?
hebat lah..
meni nyagakgak abdi..
kuat ka hoyong pipis..
hehehe.
sip lah!
hidup persib…
-lho?-
wadduuuh.. teu kuat hayang hitut … e eh .. hayang seuri ..
wakakakak….
rumus kimia hitut H1TuT. leres?
Wkakakak……!!!
alah alah ….. leres leres “Teu Aya Damel”.
hahahhah……hihihihiihihii…hehehehhehhehehehehehe….uhuk..uhuk..uhuk..uhuk..
lucu pisan ……
hapunteun bade ngiringan mosting ah… punteun pisan pami lepat kategori , mung palay sharing we ieu mah….
judul film bahasa sunda
> ———————————
> Saving Private Ryan — Nulungan si Rian
>
> Enemy At The Gate — Musuh Ngajedog di Pager
>
> Rocky — Osok Neunggeulan Batur
>
> Rain Man — Lalaki Cicing di Bogor
>
> Die Hard – Teu Paeh-Paeh
>
> Die Hard II — Can Paeh Keneh
>
> There’s Something About Marry — Ari Ceu Meri Kunaon
> Teh?
>
> Mission Impossible — Moal Bisa
>
> Titanic — Tilelep
>
> Paycheck — Nganjuk Heula
>
> Reign of Fire — Beubeuleuman
>
> Sleepless In Seattle — Cenghar Di Ciateul
>
> Silence of The Lambs — Embe Pundung
>
> Ghost — Jurig Kasep
>
> Bad Boys — Budak Baong
>
> Are We There Yet? — Lila Amat Teh Nepina?
>
> Home Alone — Katinggaleun
>
> Freddy vs Jason — Pasea
>
> Casablanca — Mengkol Ti Sudirman
>
> Gone In Sixty Seconds — Indit Siah Kaditu!
>
> The Awakening — Hudang Sare
>
> After The Sunset — Tereh Maghrib
>
> The End of Days — Seep Waktosna