Baheula keur budak, remen ngadenge kecap “siope”, nu dina basa Indonesia mah asa rada sarua jeung kerja bakti. Siope diayakeun meh sabulan sakali, ti mimiti keur meresihan kamalir, meresihan jalan ka cai (paragi mandi babarengan) nepi ka nu rada gede nyieun jalan kampung upamana.
Siope ieu sipat na wajib keur sakabeh warga, mun teu bisa datang kudu mayar nu gedena harita teh sarebu rupia. Ku ayana siope, karasa sapanjang jalan jadi beresih atuh arang langka kabanjiran da puguh kamalirana oge diropea.
Beh dieu, aya program JPS (jaring pengaman sosial .. bener teu nya), ti harita siope tara aya deui, sagala pagawean nu pakait jeung kapentingan umum, jadi ilahar pakait jeung duit JPS tea. Ku ayana JPS ieu, jukut sisi jalan nu lain hareupeun imah jadi ngajejembrung, pon kitu deui kamalir tur jalan ka cai.
Siope kaalaman deui mimiti dua taun katukang, ngan lain di lembur sorangan, tapi di pangumbaraan ayeuna. Tempat cicing teh di apato nu boga pamarentah, unggal bulan aya “souji” tur unggal genep bulan aya “oosouji”. Waktu souji teh teu lila ngan satengah jam, mimiti jam 9 isuk-isuk, sedengkeun oosouji mah rada lila ti jam 8 nepi ka jam 10. Beres oosouji meunang inuman dua inuman kaleng, hiji jus hiji deui bir. Biasana kuring sok tukeuran jeung tatangga nu resep ngebir.
Prak-prakkanna teu beda jeung siope, unggal imah diwakilan ku saurang bari mawa pakarang sewang-sewangan, aya nu mawa kored, sapu, aya oge nu ngan cukup make sarung tangan keur nyokotan runtah. Kantong keur runtah disadiakeun, warga ngan kari der prak na. Dina souji, ku sabab rutin unggal bulan, kadangkala euweuh gawe nananaon, ngan hual hiul, kalan-kalan bari ngagosip jeung tatangga, ngan angger kudu datang. Mun teu datang waktu souji kudu mayar 500 yen, sedengkeun mun dina oosouji 2000 yen.
Ningali kana gedena denda mah teu sababaraha, ngan mun teu datang sok era, sabab tatangga geus pada wawuh. Sabenerna souji ieu loba mangpaatna, utamana keur wawuh tur hirup kumbuh jeung tatangga.
Diberkaskeun dina: Mancanagara
tah anu kitu conto kahirupan nu me-masyarakat teh, da di urangmah nyeta di lingkungan sunda ku ayeuna hal eta geus langka kalakonan.. memang eta oge sok aya “siope” ngan lamun rek datang usum hujan.. jeung susahna salian ti kudu di sampeuran ku ayeunamah mending mayar ka tukang sampah tibatan “siope”coba mun souji jeung oosouji di terapkeun di lungkungan urang masing-masing, asa ngareunah deui meureun hirup dimasyarakat teh jigana..
Waduh asa inget kana kahirupan kampung saenggeus maca ieu caritaan ti sorangan. Ayeuna lammi di kota asana kumaha, mani kangen pisan. Urang teh biasa hirup nyawah, melak iyeu, melak itu, macul jsb. Ayeuna urang, geus lain deui kahirupanana di dieu anu seueur beda.
Wah, haturnuhun pisan, iyeu caritaan ti sorangan teh ngemutkeun urang
tatarucingan……………
es naon nu panas jeung bisa di tiiran?……………..